9olda.net
Aug
06

Petikan Gitarmu, Uhh..

permalink Posted at: 11:53 pm

Doel Sumbang - Pulisi Noban (5:27)


Thanks to Dailyflashid

poe kemis keur maraban hayam pelung
kuring nampa beja
nini kuring gering parna
di rajapolah

kkuring indit maksud rek ngalongok
indit teh isuk-isuk ti bandung

ti rajapolah balik teh rada peuting
bari panon geus rada cepel

nepi ka bandung geus liewat tengah peuting
kota oge geus rada jempling

samemeh ka imah nyimpang heula ka tegallega
ngan nu dagang geus areuweuh
nu aya teh tinggal tenda-tenda gongli
di tengah lapang tegallega
nu poek kawas di guha

nya ahirna kuring balik
padahal panon geus teu kuat
buncelik
jalan ampir teu katenjo
nenjo beca siga bemo

bakat ku tu tunduh
teu sadar kkuring ngalenyap
gas katincak satakerna
mobil ngoloyong ka kenca
ampir naek kana trotoar
kacida kuring reuwasna
rem ditincak satarikna
nepi ngajerit sorana
ngajerit maratan langit
kawas abege katincak buta

eta reuwas ge can beak
di jero teh
ujug-ujug torojol mobil kijang
nya eusina eta aya pulisi tilu
nu dua turun

biasa nanya sim jeung stnk
bari peupeuleukeuk nyarita
nyupiran teh tong bari mabok atuh euy
bisi nabrak jelema atuh euy

ku kuring geus dijelaskeun
kuring tunduh kacida
ngalenyap henteu karasa
tapi angger teu daek percaya
ngadon ngomong-ngomong menta dua puluh rebu
bari euweuh kaera

pasea oge henteu guna
da pasti nu meunang manehna
bari jeung teu rido hate
nya kapaksa kuring mere

silahkan donlot dr sini

4 Feedbacks »

  1. Gravatar

    anima

    7 Aug 2007 @ 9:51 am
    Type: comment

    maksudnya?

  2. Gravatar

    rd Limosin

    7 Aug 2007 @ 3:29 pm
    Type: comment

    gak ngerti??

  3. Gravatar

    eMKa 2punk

    8 Aug 2007 @ 1:28 am
    Type: comment

    gak ngerti gw..

    Horas aja lah bah..
    hihi..

  4. Gravatar

    bangaip

    14 Aug 2007 @ 1:56 am
    Type: comment

    Ini halal downloadnya?

    Hehehe. Maklum mau puasa. Walopun fans berat Doel Sumbang, Saya takut nambah dosa.

    Hehehe

Leave a comment

(required) :

(required) :

:
Your comment:

 

free web site hit counter